MISTERI DI SUSUKAN CICAPAR
Kuring cicing di kampung Cicapar. Di Cicapar salain aya kolam renangna, oge aya susukan ageung, caina herang, jernih siga mata air. Susukan eta sok dianggo kagiatan mandi cuci ku warga, tapi susukan eta teh kawanoh rada angker cenah.
Hiji poe mang Eman, ngaran aslina mah Emanuel, ngan sok disebut Eman ku warga di lembur. Hiji poe mang Eman ngaliwat ka susukan eta peuting-peuting, pas mang Eman ngaliwat kadinya, kadenge aya sora awewe keur seuseurian, mang Eman langsung ngorejat, beuki kalilaan sorana beuki tarik, malah nambahan aya sora plung, krubuk-krubuk, plung, krubuk-krubuk, puguh we mang Eman teh beuki sieun, keur mah susukan eta teh katelah rada angker, katambah aya sora aneh. Becir we mang Eman teh.
Ka isukanana, mang Eman langsung nyaritakeun kajadian anu kaalaman ku anjeunna ka tatangga-tatanggana. Jadi weh rame di kampung Cicapar teh. Kusabab warga Cicapar teh pada panasaran, pas peutingna kabeh warga datang ka susukan eta, hayang ngabuktikeun anu dicaritakeun ku mang Eman.
Sakitar jam hiji weungi, ti jauh kadenge aya sora nu aneh. Kabeh warga rareuwas. Tapi saking ku panasaran, warga neangan asal muasal sora eta. Pas disidik-sidik, sora eta teh aya di tukangeun tangkal anu dekeut ka susukan. Di tukangeun tangkal teh aya jamban terbuka. Upami anjeun teu apal, jamban terbuka teh nyaeta jamban nu teu aya tutupan, teu aya pantoan, teu aya nanaon pokona mah. Saukur aya cai we anu ngalir. Jadi upami anjeun BAB didinya, langsung palid we otomatis eta tai teh teu kudu diseblok. Praktiskan?
Tah balik deui kanu carita, warga panasaran sora naon anu aya dibalik jamban eta teh. Ari pas ditingali, geuningan eta teh sora nini Oneng keur setor. Sora awewe seuseurian teh gening sora nini Oneng keur ngahejeun. Ari sora krubuk-krubuk mah sora beuteungna. Ari sora plung mah sora tina rokrak anu dikaluarkeun ku nini Oneng. Plung, langsung kabawa palid ku cai nu ngalir nepi ka jauh.
Komentar
Posting Komentar